Laporan Kagiatan Sunda : Kelompok 3
ASSALAMUALAIKUM WR.WB
Pancen Laporan Kagiatan
Sampurasun!
Dulur sadaya, dina danget ieu abdi sareng réréncangan bade ngaposting conto laporan kagiatan. Ieu
laporan téh kanggo ngelengkepan pancen
pelajaran basa Sunda.
Laporan ieu
didamel ku kelompok 3 ti kelas X IPS 1, nyaéta Alda , Raqiya, Suci, Joevanca, Fasya ,
jeung Ridwan. Mugia tugas ieu aya mangpaatna kanggo urang sadaya. Aamiin...
Conto
Laporan kagiatan sistematik
A.
PANDAHULUAN
Puji sareng syukur urang panjatkeun
kahadirat Allah SWT nu geus masihan rahmat sareng hidayahna, solawat sareng
salam urang limpahkeun ka junjungan Nabi Muhammad SWA.
Ayeuna di
SMAN 1 Cibadak nuju nyelenggarakeun pamilihan katua osis, nyaéta salah sahiji agenda atawa program
tahunan osis SMAN 1 Cibadak.
B.
TUJUAN
KAGIATAN
v Ngadidik sareng
ngingetkeun para siswa parantos pamilihan pamimpin nu demokratis dina
organisasi.
v Ngalatih,
ngadidik sareng masihan pamahaman dasar ka siswa perhatos organisasi.
v Ngalatih
siswa sangkan jadi kréatif sareng
aktif dina ngajalankeun organisasi.
C.
KANDIDAT CALON
KATUA OSIS SARENG WAKILNA
Kandidat
nomor1 Kandidat
nomor2
1. Kang Haludy 1. Kang fajar
2. Kang
Lutfi 2.
Kang Hendri
D.
WAKTOS
PALAKSANAAN
Dinten : Senén
Tanggal : 17 September 2018
Tempat : Lapang SMAN 1 Cibadak
E.
HASIL
Jam
01.00 WIB panghitungan suara dimulai,dilapang di itung ku akang tétéh OSKA, suara pangseeurna nyaéta diraih ku kandidat
no2, nyaéta kang Fajar sareng kang
Hendri nu ayeuna ngajabat jadi katua osis periode 2018/2019.
F.
PANUTUP
Sakitu
wae acara dina dinten ieu, mugi katua osis nu kapilih bisa jadi pamimpin nu
jujur jeung amanah aminn.
Abdi salaku panitia dina acara ieu ngucapkeun hatur
nuhun ka akang te téh nu geus ngikut serta dina pamilihin osis periode
2018/2019.
Conto
Laporan kagiatan jurnalistik
Dina dinten
salasa, kaping 21 Agustus 2018 di SMAN 1 CIBADAK ngayakeun runtutan acara
kanggo ngelingan dinten kamerdekaan Indonesia. Kagiatanna mangrupa perlombaan
anu tiasa di sebat ESTAPET VAGANZA.
ESAPET
VAGANZA ieu téh eusina loba pisan. Aya
lomba “makan kurupuk”, aya lomba “balap karung”, aya lomba “ngasupkeun belut
kana botol” jeung sajabana.
Dina acara
ieu siswa – siswi SMANDAK di wajibkeun kudu aya di lapang kanggo masihan
semangat atawa nyaksian babaturana nu nuju lomba.
Dina acara
ieu oge bapa guru ngiringan meriahkeun acara nyaéta ngiringan maen bal ngalawan siswa.
Sanggeus nyaksian ieu, acara salajengna nyaéta pamasihan hadiah. Seeur pisan kelas -
kelas anu kenging hadiah. Di acara ieu oge urang sadaya tiasa menangkeun
pangajaran nyaéta naon anu disebut tina
gotong royong.
Komentar
Posting Komentar