Laporan Kagiatan Sunda : Kelompok 5


1.Conto laporan kagiatan Sistematis

LAPORAN KAGIATAN PEMILIHAN KETUA OSIS SMAN 1 CIBADAK
(Disusun pikeun nyumponan pancen bahasa sunda)


Hasil gambar untuk logo smandak png


      Disusun ku kelompok 5:
   Deandra shafa Mahyudin
Miranda marshelia
M.faizal Alghazali
Rubi Maulia
Rayhan akbar
Yuni aulia

Kelas : X PS 1
SMAN 1 CIBADAK
Jl.perintis kemerdekaan no.72, Cibadak, Sukabumi, Jawa barat 43351



Laporan Kagiatan Pemilihan Ketua Osis SMAN 1 CIBADAK

1.Bubuka
1.1 Kasang tukang
    Pemilihan ketua osis mangrupa kagiatan anu rutin di ayakeun sataun sakali di SMAN 1 CIBADAK.Kagiatan ieu dilakasanakeun Sangkan urang sadaya tiasa diajar milih pamimpin anu bertanggung jawab jeung tiasa nu di percaya.Salian ti eta,ieu acara teh di ayakeun supaya ningkatkeun tanggung jawab ka eta jelman upami anjeunna kapilih jadi ketua osis.

1.2 Tujuan kagiatan
     Tujuan nyusun laporan nyaeta pikeun mere gambaran ngeunaan proses jeung hasil kagiatan.

2.Eusi laporan
2.2 Widang kagiatan
1.    Upacara bandera
2.    Bubuka ti pambawa acara
3.    Sambutan ti kapala sakola
4.    Pambukaan resmi ku kapala sakola
5.    Debat antara kandidat 1 jeung 2
6.    Nyoblos ketua osis atawa milih ketua osis
7.    Pangitungan sora
8.    Bewara hasil pungutan sora
9.   Panutupan

2.3 Tempat jeung waktu kagiatan
      Dinten  : senen
      Kaping  : 17 September 2018
      Tabuh  : 07.00 dugika rengse
      Tempat : Lapangan SMAN 1 CIBADAK

2.4 Pamilon kagiatan
     Anu jadi pamilon dina ieu kagiatan teh nyaeta sadaya warga sakola SMAN 1 CIBADAK kumargi kitu nu nyalonkeun jadi calon ketua osis sareng wakilna mah ngan sauukur 4 urang nyaeta :
    Kandidat 1 : Ketua na: Haludy irawan
                     Wakilna: Luthfi
    Kandidat 2 : Ketua na: Fajar saepul
                      Wakilna: Hendri Herlian

2.5 Hasil kagitan
     Hasil pemilihan calon ketua osis tau ajaran 2018-2019 nyaeta di menangkeun ku kandidat no.2 nyaeta :
   Ketua : Fajar saepul
   Wakil : Hendri herlian
   
 2.6 Halangan harungan kagiatan
        Kagiatan pemilihan calon ketua osis tau ieu lumangsung kalawan lungsar-langsar, taya halangan harungan.ieu hal bisa ka wujud ku sanajan ayana gawe babarengan ti anggota osis sareng MPK SMAN 1 CIBADAK sareng sadaya peserta pemilih nu tiasa di atur ku panitia.

3.Panutup
3.1 Kacindekkan
Kagiatan pemilihan calon ketua osis ieu lumangsung lancar sanajan masih loba kakuranganna.

3.2 Saran
     Mugia kagiatan ieu bisa terus dilaksanakeun deui sarta kakurangan- kakurangan anu aya dina kagiatan anu mimiti bisa dijadikeun elmu pikeun kagiatan anu ka hareupna sangkan leuwih hade deui.



2.Conto laporan kagiatan jurnalistik

Laporan kagiatan Milad SMAN 1 CIBADAK

                Dina dinten Senen,22 Oktober 2018 di SMAN 1 Cibadak ngayakeun Milad SMANDAK nu ka 53 taun anu mawakeun tema “"Jadilah Ksatria Sejati Diantara Ribuan Asa Dan Mimpi"
Aya acara ti :
1.English club (english battle competion)
2.Japanese club
3.Mading (bulan bahasa)
4.DKM TM (GERIMIS)
5.OSIS-MPK SMANDAK (estapet vaganza)

Dina dinten Rabu,24 Oktober 2018 aya acara anu ngarana GERIMIS (Gebyar Insan Muda Smandak) mawakeun tema “"aku dan hijrah jaman now"” dina acara GERIMIS aya babaraha acara nyaeta :
-LCC PAI
-Acapella
-MHQ
-MTQ
-Rangking 1

Dina acara iyeu siswa sareng siswi kudu ikut serta ngaramekeun milad.


















Komentar

Postingan Populer