Laporan Kagiatan : kelompok 6
LAPORAN KEGIATAN MILAD KE-53 SMA N 1 CIBADAK
SMA N 1 CIBADAK
Jl. Perintis Kemerdekaan No.72, Cibadak,
Sukabumi, Jawa Barat 43351
KELOMPOK 6 :
1. Devia dwi kania
2. Zahra heidi putri
3. Sinta aulia
4. Rizky syahrul
1. CONTOH LAPORAN KAGIATAN SISTEMATIK
BAB 1
PENDAHULUAN
1.Kasang Tukang
Dina raraga ngameriahkeun poe jadina sakolaan SMA N 1
CIBADAK,pihak sakola SMA N 1 CIBADAK atos nyelenggarakeun kagiatan MILAD
SMANDAK KA-53.Acara eta dilaksanakeun saminggu,se’er kagiatan anu mangrupa
bidang lomba,tausyiah,sareung pagelaran.
2.Tujuan Kagiatan
1.Ngalaksanakeun program
gawe OSKA SMANDAK mangsabaktos 2018/2019.
2.Ngalaksanakeun budaya
turun temurun ti zaman kapungkur.
3.Ngameriahkeun sareung ngawujudkeun rasa
syukur ka allah swt.
3.Dasar
Kagiatan.
Ngalaksanakeun program gawe OSKA SMANDAK
mangsabaktos 2018/2019.
BAB 2
LAPORAN
2.1.Tempat sareung waktu
palaksanaan
Kagiatan ieu lumangsung
lancer sanajan dihadepkeun dina tahanan tahanan salila persiapan atawa sabot
acara lumangsung.Sedengkeun kagiatan ieu dilaksanakeun dina :
Wayah : Senen,22
Oktober 2018 dugi ka Juma’ah 26 Oktober 2018
Tempat : SMA N 1
CIBADAK
2.2
Pamilon
Peserta nu di ondang
dina kagiatan ieu mangrupa sakumna kaluarga badag SMA N 1 CIBADAK anu
diwangunti:
1.Pagelaran Pambukaan :
Anggota ti ekskul ekskul nyaeta ekskul paskibra,pramuka,vidya
seni,karate,sareung silat.
2.Lomba Bazar : 2 jalmi
wawakil ti masing masing kelas
3.English
battle Competition (ti ekskul ENGLISH CLUB) : Wawakil ti masing masing kelas
4.Gerimis (ti ekskul DKM): Wawakil ti masing masing kelas
5.Bunkasai : Wawakil ti masing masing kelas
6.Bulan bahasa : Wawakil ti masing masing kelas
7.Estafet Vaganza : Wawakil ti masing masing kelas
8.Panutup : koreografi ti angkatan 53
2.3 Hasil kagiatan
Pambagian piala jeung piagam kelas anu juara
2.4
Halangan harungan kagiatan
Halanganna saukur siswa siswina harese di atur tempat
calikna, kusabab tempat na ngan saukur dilapang.
BAB 3
PANUTUP
3.1 Kacindekan
Kagiatan milad lumangsung lancar sanajan loba
kakuraganna.
3.2 Saran
Mugia kagiatan ieu bisa terus dilaksanakeun
turun temurun, sareng engkin tiasa langkung sae kagiatanna.
2. CONTOH LAPORAN KAGIATAN JURNALISTIK
Dina dinten senen kaping 22 Oktober 2018, SMAN 1 CIBADAK ngayakeun acara
milad ka 53. Kagiatan na mangrupa pagelaran sareng perlombaan ti babaraha
ekstrakulikuler.
Aya estafet vaganza, bunkasai, gerimis, bulan bahasa, sareng english battle
competition.
Dina acara ieu siswa siswi smandak diwajibkeun kudu miluan perlombaan anu
di ayakeun dina kagiatan ieu.
Dina acara ieu oge siswa siswi smandak sareung guru guru smandak miluan
ngameriahkeun ieu acara.
Komentar
Posting Komentar